Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Gravitasi nyaéta gaya tarik-tumarik anu lumangsung antara kabéh partikel anu miboga massa di alam semesta. Fisika modéren ngajelaskeun gravitasi ngagunakeun téori relativitas umum ti Einstein, tapi hukum gravitasi universal Newton anu leuwih basajan cukup akurat dina ngajelaskeun kalolobaan kasus.
Contona, Bumi anu ngabogaan massa anu pohara badag ngahasilkeun gaya gravitasi anu pohara badag pikeun metot barang-barang di sabudeureunana, kaasup mahluk hirup, sarta barang barang anu aya di bumi. Gaya gravitasi ieu ogé metot barang-barang anu aya diluar jomantara, kawas bulan, météor, sarta barang jomantara lianna, kaasup satelit jieunan manusa.
Sawatara téori anu tacan bisa dibuktikeun nyebutkeun yén gaya gravitasi timbul alatan ayana partikel gravitron dina saban atom.
Hukum gravitasi universal Newton
Hukum gravitasi universal Newton dirumuskeun kieu:
- Satiap massa titik metot kabéh massa titik séjénna ku gaya nu sagaris jeung garis anu nyambungkeun dua titik kasebut. Badagna gaya kasebut babanding lempeng jeung kakalian antara dua massa kasebut sarta babanding tibalik jeung kwadrat jarak antara dua massa titik kasebut.
- F nyaéta badag gaya gravitasi antara dua massa titik
- G nyaéta konstanta gravitasi
- m1 nyaéta badag massa titik kahiji
- m2 nyaéta badag massa titik kadua
- r nyaéta jarak antara dua massa titik
Dina sistem internasional, F diukur dina newton (N), m1 sarta m2 dina kilogram (kg), r dina méter (m), sarta konstanta G kira-kira sarua jeung 6,67 × 10−11 N m2 kg−2.
Ti persamaan ieu bisa diturunkeun persamaan pikeun ngitung beurat. Beurat hiji barang nyaéta hasil kali antara massa barang kasebut jeung akselerasi gravitasi bumi. Persamaan kasebut bisa dituliskeun: W = mg. W nyaéta gaya beurat barang kasebut, m nyaéta massa sarta g nyaéta akselerasi gravitasi. Akselerasi gravitasi ieu béda-béda ti hiji tempat ka tempat séjén.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar